Selasa, 04 September 2007

Bagja jadi urang Pasundan


budaksubang.blogspot.com

Sapanjang jalan panon teu bisa peureum,hate bagja tur sugema ningali kaendahan alam.mungguh sampurna kaagungan sang khalik.nyiptakeun sagala kaendahan di alam dunya nu pinuh kaajaiban .Gunung,laut,langit,bumi jeung sajabana deui anu ngagaduhan mangrebu kaunikan,kaendahan sareng bukti anu sanesna kaagungan Allah SWT.

Tah dina posting Mang Beben ayeuna urang sasarengan muji kaagungan sang Khalik anu tos nyiptakeun alam dunya ieu sareng ka endahan Alamna Khusus na tatar Pasundan,Mun seug ku urang di lenyepan,urang salaku urang Pasundan pasti ngarasa bangga,sok tingali alam di sekitar urang,pasti urang sadar bahwa urang teh mung saukur mahluk leutik nu teu bisa nanaon di hareupeun anjeuna (Allah SWT).

Kamari pasosore Mang Beben tos nyaba ka Bandung,sapanjang jalan ti Bandung ka Subang meuni reueuuuus teh ningali kaendahan alam, mungkin para penbaca pasti pernah melakukan perjalanan ti Bandung ka Subang,atanapi katempat liana di tatar pasundan khususna,apakah pernah berpikir salaku urang pasundan?? yups.. Urang salaku Urang Sunda anu ngageugeuh di tatar pasundan sakuduna ngarasa bangga lahir di lemah cai anu sakieu endahna,urang ngabogaan gunung anu endah ,laut pantai selatan,laut pantai utara,kawasan puncak anu selalu ramai di kunjungi ku turis ti manca Negara, jeung anu lian na deui di kawasan pasundan.

Natural cenah ceuk barudak ayeunamah,tepat pikeun symbol urang pasundan,sabab urang pasundan selalu natural dari segi kepribadian,budaya,makanan khas sunda jeung sajabana deui.

Tugas urang ayeuna hayu urang ngajaga ka endahan alam anu geus di waris keun ku udegudeg jangga wareng urang,urang kudu bersyukur lahir di tatar pasundan,karena kanikmatan ieu, sareng kabagjaan ieu, anugrah ti gusti numahasuci,anu teu dirasakeun ku umat anu lahir di luar tatar pasundan,ieu kanikmatan anu luar biasa nyaeta “NIKMATNA LAHIR DI TATAR PASUNDAN” urang pasti bangga lamun seug ku urang di lenyepan.

Sajabana anu di sebut keun ku Mang Beben eta masih loba deui kaendahan di tatar pasundan tapi mang Beben belum tau..:P. ka para pengunjung bisa ngabagi kabagjaan di post Commen ieu posting,tulis kabagjaan pengunjung anu tos lahir di tatar pasundan.

Anu terakhir Mang Beben neda di hampura bilih aya salah ucap dina nulis ieu posting ma’lum lah Mang Beben mah jalma dusun anu teu ngarti babasan.

Wassalam….

1 komentar:

Anonim mengatakan...

tah eta salah sahiji kanikmatan nu sakedahna disyukuran ku urang sunda teh :D saperto simkuring nu khususna hehe

wilujeung mayunan sasih shiam kang, hapunteun sabudaya kalepatan simkuring