Selasa, 29 Mei 2007

Sepenggal Kata

Nepangkeun nami abdi Asep Beben Astrajingga
Ingalogo ngabdurrahman panotogomo prawoto mandoyo sastro diningrat alias Dawala alias Cepot....hehe..he..he..
Asli urang subang,ngan subang na euy.....
jadi teu bisa siga urang subang asli anu bisa nyarios babasan alias basa sunda anu Lemes alias leuleus...
Seueur pisan anu bade di sampaikan ka para pengunjung ieu Blogs...
Khususna kanggo urang subang umumna kanggo sundanise ti siklakna ti siklukna....
Saterasna mang Beben ngajak ka para pengunjung ieu blogs ,
Hayu urang babarengan ngawangun bangsa urang anu tercinta ieu, sabab urang mang rupakeu generasi penerus bangsa naon wae anu bakal di waris keun anak incu urang ..?
Mudah mudahan ku ayana ieu Blogs akhir baring anak incu urang bisa nga man fa'at keun ieu blogs, neda pang donga sareng bantosan nana ti sakabeh...dulur...
sagala kritik sinareng saran..sareng upami bade nambahan blogs, kirim wae ka.
benochest@yahoo.co.id
deddy_beben@yahoo.co.id
mangga..ah upami aya kasalahan neda dihampura,upami aya kata-kata anu teu mernah hampura deu...ma'lum lah mang Beben mah uarang PANTURA jadi sunda na oge campur jeung jawa..
cag ah..Wassalam..Gejlig...

Ulang taun


Shinta Dewi Maharani
Ngarayakeun ulang taun rupina tos memasyarakat,asup ngarambah ka kampung-kampung,kawas panyakit anu menular,acara ulang taun rupina lain acara anu aneh deui pikeun urang lembur.
Ngarayakeun ulang taun teh sanes rek tuturut munding siga urang kota,tapi memang tanda ka deudeuh,kacinta kanu jadi putra,
Asal ulah kamalinaa atawa maksakeun teuing.ningali kana kamampuan urang.
Baheula euweuh istilah ngarayakeu ulang tahun,boro-boro pake ulang taun.puguh pake dahar sapopoe ge hese,
mantak lamun urang nanya ka kolot urang "Pa tanggal sabaraha abdi teh lahir..?" geus riweuh weh kolot teh ngajawab na.
Nilai positif pake budak anu ngarayakeun nana,dimana waktu ulang taun teh maneh na bisa amprok jeung jalma jalma anu dipikacinta ku anjeuna,Bapa,Ibu,Teteh,Aa,Ade jeung babaturan anu sejena bisa riung mung pulung ngucapkeun selamat sinareng do'a kanggo anjeuna.
Ngajadikeun tambahan kepercayaan diri,sareng ngingetan yen dirina tos nambah yuswa,bakal aya persoalan anu di hareup anu bakal di alaman munkin beda jeung taun-taun anu katukang sabab anjeuna nambah dewasa.
Harapan sepuh biasana di ucapkeun kanggo eunteung atawa pedoman,
kanggo murangkalih anu ngarayakeun ulang taun,
jadi ulah nganggap so' so an kanggo urang lembur anu ngarayakeun Ulang taun,urang tingali dina sisi positif na...
mudah mudahan teu aya deui urang lembur anu berpikir miring kana
acara ulang taun..sakieu heula ti mang Beben cag ah...

Senin, 21 Mei 2007

Ngarambah dunia anyar

Sateu acana neda agung cukup lumur jembar hampura anu diteda
anu pasti aya kakurangan dina ngeusian ieu blog...hehehe...
ma'lum lah di lembur kuring mayoritas GATEK..
da biasa ari urang lembur mah,sok mikir pondok..
lamun aya nu belajar komputer ,majar teh rek jadi naon cenah..
ayeuna kuring rek ngeusi ieu Blog sugan jeung sugan
akhir baring berguna pake sarerea,
harapan kuring kanggo anu senior,mohon bantuan kanggo ngawangun ieu blog,
mudah-mudahan akhirna jadi bahan bacaan anu berguna kanggo para pembacana
teu hilap nyuhun keun pang dongana ti para sesepuh anu aya di SUBANG ti siklak na ti sikluk na...
mulai ayeuna kuring nyoba ngeusi eu blog,najan sakamampuan kuring..
ma'lum kuring teh jalma anyar di dunia Cyber atawa Internet.
sakieu heula ti simkuring,
wassalam
Asep Beben Astrajingga