Selasa, 29 Mei 2007

Ulang taun


Shinta Dewi Maharani
Ngarayakeun ulang taun rupina tos memasyarakat,asup ngarambah ka kampung-kampung,kawas panyakit anu menular,acara ulang taun rupina lain acara anu aneh deui pikeun urang lembur.
Ngarayakeun ulang taun teh sanes rek tuturut munding siga urang kota,tapi memang tanda ka deudeuh,kacinta kanu jadi putra,
Asal ulah kamalinaa atawa maksakeun teuing.ningali kana kamampuan urang.
Baheula euweuh istilah ngarayakeu ulang tahun,boro-boro pake ulang taun.puguh pake dahar sapopoe ge hese,
mantak lamun urang nanya ka kolot urang "Pa tanggal sabaraha abdi teh lahir..?" geus riweuh weh kolot teh ngajawab na.
Nilai positif pake budak anu ngarayakeun nana,dimana waktu ulang taun teh maneh na bisa amprok jeung jalma jalma anu dipikacinta ku anjeuna,Bapa,Ibu,Teteh,Aa,Ade jeung babaturan anu sejena bisa riung mung pulung ngucapkeun selamat sinareng do'a kanggo anjeuna.
Ngajadikeun tambahan kepercayaan diri,sareng ngingetan yen dirina tos nambah yuswa,bakal aya persoalan anu di hareup anu bakal di alaman munkin beda jeung taun-taun anu katukang sabab anjeuna nambah dewasa.
Harapan sepuh biasana di ucapkeun kanggo eunteung atawa pedoman,
kanggo murangkalih anu ngarayakeun ulang taun,
jadi ulah nganggap so' so an kanggo urang lembur anu ngarayakeun Ulang taun,urang tingali dina sisi positif na...
mudah mudahan teu aya deui urang lembur anu berpikir miring kana
acara ulang taun..sakieu heula ti mang Beben cag ah...

Tidak ada komentar: