Kabupatén Subang
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Kabupatén Subang | |
Lambang Kabupatén Subang | |
Peta lokasi Kabupatén Subang | |
Motto | Rakyat Subang Gotong Royong Subang Maju |
Subang | |
Lega Wilayah | 2.051,76 km² |
107” 31’ - 107” 54’ bujur wétan jeung 6” 1’ - 6” 49’ lintang kidul | |
Pangeusi |
|
· Jumlah | 1.407.000 (2003) |
· Kapadetan | 686 jiwa/km² |
Administratif |
|
21 | |
- | |
Dasar hukum | - |
Tanggal | - |
- | |
0260 | |
Rp. - | |
Situs web resmi: http://www.subang.go.id |
Kabupatén Subang mangrupakeun hiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Subang. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kalér, Kabupatén Indramayu di beulah wétan, Kabupatén Sumedang di wétan kidul, Kabupatén Bandung di beulah kidul, sarta Kabupatén Purwakarta jeung Kabupatén Karawang di beulah kuloneunnana.
Daptar eusi |
[édit] Babagian Administratip
Kabupatén Subang kawengku ku 21 kacamatan, nu kabagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan. Puseur pamaréntahannana aya di Kacamatan Subang.
[édit] Transportasi
Kabupatén ieu diliwatan ku jalur pantura, sedengkeun ibukota Kabupatén Subangna mah henteu kaliwatan ku ieu jalur. Jalur pantura di Kabupatén Subang mangrupakeun salah sahiji jalur anu pangraména di Pulo Jawa.
[édit] Pangeusi
Pangeusi Subang umumna mangrupakeun Suku Sunda, nu ngagunakeun Basa Sunda minangka bssa sapopoéna. Tapi sanaos kitu oge, sapalih wilayah di basisir mah pangeusina migunakeun Basa Jawa Dialék Cirebon (Dermayon). Mayoritas pangeusi Kabupatén Subang ngagem ageman Islam.
[édit] Géograpi
Beulah kidul wilayah Kabupatén Subang mangrupa dataran luhur/pagunungan, sedengkeun beulah kalérna mangrupa dataran handap nu nuju langsung ka Laut Jawa.
[édit] Ékonomi
Ku sabab kalolobaan pangeusina boga panghasilan utama minangka patani jeung buruh pakebonan, nu matak paékonomian Subang loba keneh ditunjang ku séktor patanian. Di Subang beulah kidul loba aréa pakebonan, saperti karét di beulah kulon kalér jeung kebon teh anu kacida legana. Subang dipikawanoh minangka salasahiji daérah nu ngahasilkeun buah ganas, utamana Ganas Madu. Ganas Madu bisa dipanggihan di sapanjang Jalancagak. Dodol ganas, kiripik sampeu jeung selé mangrupakeun kadaharan hasil industri rumah tangga nu bisa dijadikeun oleh-oleh. Ngaliwatan program binaan Yayasan Kandaga, para patani keur ngabudidayakeun supa tiram, lauk nilem di desa Cipunagara.
[édit] Pendidikan
Kalolobaan pangeusi Kabupatén Subang ngan saukur sakola tepi ka Sakola Dasar, sahingga pikeun ngagerakkeun paékonomian rayat diperlukeun katerampilan.
Bagian ieu pondok kénéh. Anjeun bisa mantuan ku jalan nambahannana.
[édit] Pariwisata
- Ciater. Di antara gomplokna pakebonan entéh, di wilayah kidul, Kabupatén Subang boga sumber cai panas nu terus ngalir di daérah Ciater. Sari Ater mangrupakeun tujuan wisata nu kacida kakoncarana alatan kahasan tur karaméannana nalika usum pakansi utamana peré Lebaran. Sari Ater salian ti nyadiakeun balong pamandian cai panas, oge ngabogaan panginepan-panginepan nu dipikanyaho minangka Saung Kabayan, cocok keur kulawarga nu hayang liburan.
- Klinik kabugaran (Spa) cai panas aya di caketeun obyék wisata Sari Ater.
- Curug Cijalu. Curug Cijalu aya di daerah Sagalahérang, mangrupakeun tujuan wisata alam curug nu mibanda pamandangan nu éndah, ngan hanjakal can dikelola kalayan serieus
- Curug Ciléat nu aya di Kacamatan Cisalak, oge can dibebenah.
1 komentar:
duh mani atoh pisan aya dulur didieu hehe, mang beben kusimkuring parantos di link..Nuhun pisannya :D
Posting Komentar